Manawi teu aya cegahing Gusti nu Maha Suci, kalayan mugi aya dina Karidhoan nu Maha Kawasa, oge kaleresan sadayana nyampak mangsa anu lugina, Sim kuring atas nami panitia nu kapapancenan seja ngayakeun acara Halal bihalal Keluarga Besar Eyang Pranantaka. Dupi waktosna Insha Alloh:
Kaping | : | 2 Syawal 1446H |
---|---|---|
Waktos | : | Dikawitan tabuh 09.00 WIB dugi ka rengse |
Tempat | : | Bumi Bu Hj. Asma Binti H. Sama Pasirjambu No. 24 Rt 01 RW 02 Desa Pasirjambu, Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung |
Ku hal sakitu Sim Kuring atas nami Panitia, Seja ngalulungsur manah (ngulem) Bapak/Ibu/ Saderek sadayana, kersa rurumpaheun ngalungguhan kangge ieu kagiatan dina waktosna.
Kana sagala perhatosan kalih kasumpinganana, Sim kuring sakulawargi ngahaturkeun nuhun.